SEKOLAH TINGGI AGAMA ISLAM PERSIS (STAIPI)

MEDIA DAKWAH DAN ILMU PENGETAHUAN

Subscribe
Add to Technorati Favourites
Add to del.icio.us

2.24.2009

MENGURUS JENAZAH BAB II

Diposting oleh aLumNUs BalZ

1. NGALAYAD NU TEU DAMANG

a. Kautamaan ngalayad

عَنْ ثَوْبَانَ قَالَ : قَالَ رَسُوْلُ اللهِ  : مَنْ عَادَ مَرِيْضًا لَمْ يَزَلْ فِي خُرْفَةِ الْجَنَّةِ حَتَّى يَرْجِعَ (مسلم : 2568، أحمد : 22731، الترمذي : 969)

Katampi ti Tsauban, anjeunna sasauran : Rosululloh SAW ngadawuh : “Sing saha nu ngalayad nu teu damang, eta jalma tumetep di taman sawarga nepi ka eta jalma mulih”. H.r. Muslim : 2568, Ahmad : 22731, At-Tirmidzi : 969


b. Istri ngalayad pameget sareng sawangsulna

عَادَتْ أُمُّ الدَّرْدَاءِ رَجُلاً مِنْ أَهْلِ الْمَسْجِدِ مِنَ الأَنْصَارِ (البخاري، فتح الباري 11 : 257)
عَنْ اُمِّ الْعَلاَءِ قَالَتْ : عَادَنِي رَسُوْلُ اللهِ  وَاَنَا مَرِيْضَةٌ (أبو داود، عون المعبود 8 : 246)

Ummu Darda kantos ngalayad hiji pameget ahli masjid ti Anshor.
H.r. Al-Bukhori, Fathul Bari XI : 257
Katampi ti Ummul ‘Ala, anjeunna sasauran ; Rosululloh SAW kantos ngalayad sim kuring waktos sim kuring keur gering H.r. Abu Dawud, ‘Aunul Ma’bud VIII : 246

c. Ngalayad jalma kafir

عَنْ أَنَسٍ أَنَّ غُلاَمًا لِيَهُوْدَ كَانَ يَخْدُمُ النَّبِيَّ  فَمَرِضَ فَأَتَاهُ النَّبِيُّ يَعُوْدُهُ، فَقَالَ : أَسْلِمْ، فَأَسْلَمَ (البخاري : 5657)
قَالَ ابْنُ بَطَالٍ : إِنَّمَا تُشَرَّعُ عِيَادَتُهُ إِذَا رُجِىَ أَنْ يُجِيْبَ إِلَى الدُّخُوْلِ فِي إلاِسْلاَمِ، فَأَمَّا إِذَا لَمْ يُطْمَعْ فِي ذاَلِكَ فَلاَ (فتح الباري 11 : 260)

Katampi ti Anas : Satemenna budak urang Yahudi khadam Nabi SAW teu damang, Nabi SAW nyumpingan bari ngalayad ka manehna. Nabi ngadawuh : Anjeun asup Islam nya. Lajeng eta jalma lebet Islam.
H.r. Al-Bukhori : 5657

Ibnu Bathol sasauran : Tayalian disyare’atkeunana ngalayad urang Yahudi teh upama diharepkeun manehna narima ajakan asup Islam. Anapon upama teu diharepkeun mah, henteu. Fathul Bari XI : 260


d. Adab ngalayad

عَنْ عَائِشَةَ بِنْتِ سَعْدٍ أَنَّ أَبَاهَا قَالَ : تَشَكَّيْتُ بِمَكَّةَ شَكْوًى شَدِيْدَةً فَجَاءَنِيَ النَّبِيُّ  يَعُوْدُنِي. ثُمَّ وَضَعَ يَدَهُ عَلَى جَبْهَتِي ثُمَّ مَسَحَ يَدَهُ عَلَى وَجْهِي وَبَطْنِي ثُمَّ قَالَ : اَللَّهُمَّ اشْفِ سَعْدًا وَأَتْمِمْ لَهُ هِجْرَتَهُ (البخاري : 5659، أبو داود : 3104)

Katampi ti Aisyah binti Sa’ad, satemenna rama-na sasauran : Ama kantos gering parna di Mekah, lajeng Nabi SAW sumping ngalayad ka ama, lajeng anjeunna nyimpen pananganana dina tarang ama, lajeng ngusapkeun pananganana kana beungeut jeung beuteung ama, teras ngucapkeun : Ya Alloh damangkeun Sa’ad, sareng sampurnakeun hijrahna
H.r. Al-Bukhori : 5659, Abu Dawud : 3104

عَنِ ابْنِ عَبَّاسٍ أَنَّ النَّبِيَّ  كَانَ إِذَا دَخَلَ عَلَى مَرِيْضٍ يَعُوْدُهُ قَالَ لَهُ : لاَ بَأْسَ طَهُوْرٌ إِنْ شَاءَ اللهُ (البخاري : 5656)

Katampi ti Ibnu Abbas : Satemenna Nabi SAW kabuktosan upami lebet ngalayad nu teu damang sok ngucapkeun ka eta nu teu damang : “Teu nanaon, mudah-mudahan nyucikeun (dosa) insya Alloh”.
H.r. Al-Bukhori : 5656

عَنْ أَنَسٍ قَالَ : أَرْقِيْكَ بِرُقْيَةِ رَسُوْلِ اللهِ . قَالَ : اَللَّهُمَّ رَبَّ النَّاسِ مُذْهِبَ الْبَأْسِ اِشْفِ أَنْتَ الشَّافِي لاَ شَافِيَ إِلاَّ أَنْتَ شِفَاءً لاَ يُغَادِرُ سَقَمًا (الترمذي : 975، البخاري : 2265، أبو داود : 3890)

Katampi ti Anas, anjeunna sasauran : Sim kuring bade macakeun ruqyahna Rosululloh SAW, nyaeta : “Ya Alloh Pangeran sakabeh manusa, nu ngicalkeun panyawat ! Mugi Gusti ngadamangkeun. Salira anu ngadamangkeun, teu aya nu tiasa ngadamangkeun lintang ti Salira, damang anu teu ngantunkeun panyawat” H.r. At-Tirmidzi : 975, Al-Bukhori : 2265, Abu Dawud : 3890

عَنْ أَنَسٍ قَالَ : كَانَ النَّبِيُّ  لاَ يَعُوْدُ مَرِيْضًا إِلاَّ بَعْدَ ثَلاَثٍ (ابن ماجة : 1437)
عَنْ أَبِي هُرَيْرَةَ قَالَ : قَالَ رَسُوْلُ اللهِ  : ثَلاَثَةٌ لَيْسَ لَهُمْ عِيَادَةٌ : اَلْعَيْنُ وَالدُّمَلُ وَالضِّرْسُ (البيهقي 6 : 535، الطبراني 1 : 133)

Katampi ti Anas, anjeunna sasauran : Kabuktosan Nabi SAW tara ngalayad nu teu damang kajaba saparantos tilu dinten. H.r. Ibnu Majah : 1437

Katampi ti Abu Hurairoh, anjeunna sasauran : Rosululloh SAW ngadawuh : Aya tilu jalma anu teu kedah dilayad, nyaeta : nu nyeri soca, nu bisul sareng nu nyeri waos. H.r. Al-Baehaqi VI : 535, At-Tobroni dina Al-Ausath I : 133

Dina sanad dua hadis kasebat aya rowi nu kakasihna Maslamah bin Ali Al-Khusyaniy. Para ulama ngarantunkeun (hadisna). Imam Al-Bukhori sasauran : munkarul hadis, An-Nasaiy sasauran : matruk. Mizanul I’tidal IV : 109, Ad-Du’afa wal matrukin no : 570, Al-Kasyif III : 126, Al-Maudu’at III : 208, Fathul Bari XI : 252, Faidul Qodir V : 228 sareng III : 380
عَنْ أَنَسٍ قَالَ : قَالَ رَسُوْلُ اللهِ  : مَنْ تَوَضَّأَ فَأَحْسَنَ الْوُضُوْءَ وَعَادَ أَخَاهُ الْمُسْلِمَ مُحْتَسِبًا بُوْعِدَ مِنْ جَهَنَّمَ مَسِيْرَةَ سَبْعِيْنَ خَرِيْفًا (أبو داود، عون المعبود 8 : 250)

Katampi ti Anas, anjeunna sasauran : Rosululloh SAW ngadawuh : “Singsaha anu wudu kalawan sae teras ngalayad papada muslim kalayan miharep ganjaran, eta jalma bakal ditebihkeun tina naraka Jahanam satebih perjalanan 70 taun”. H.r. Abu Dawud, ‘Aunul Ma’bud VIII : 250

Dina sanadna aya rowi nu kakasihna Al-Fadl bin Dalham Al-Wasithiy. Saur Ibnu Ma’in : do’iful hadis, Abu Dawud kalih nu sanesna sasauran : Teu kiat, saur Ibnu Hibban : Eta rowi sok lepat, teu tiasa dijantenkeun hujjah upama infirod dina hadisna .‘Aunul Ma’bud VIII : 251, Mizanul I’tidal III : 351, Al-Kasyif II : 368

عَنْ اَبِي أُمَامَةَ : قَالَ رَسُوْلُ اللهِ  : إِذَا عَادَ أَحَدُكُمْ مَرِيْضًا فَلاَ يَأْكُلْ عِنْدَهُ شَيْئًا فَإِنَّهُ حَظُّهُ مِنْ عِيَادَتِهِ (الديلمي 1 : 373)

Katampi ti Abu Umamah : Rosululloh SAW ngadawuh : “Upama salah saurang ti antara aranjeun ngalayad nu teu damang, eta jalma teu kengeng barang tuang di tempat eta nu teu damang, margi barang tuang eta ngarupikeun bagian ganjaran tina ngalayadna”. H.r. Ad-Daelami I : 373

Dina sanadna aya rowi nu kakasihna Musa bin Wardan. Eta rowi teu kiat. Ibnu Ma’in ngado’ifkeunana, saur Ibnu Hiban : seueur lepatna dugika sok ngariwayatkeun hadis-hadis munkar ti rowi-rowi nu mashur. Faidul Qodir I : 503, Tahdzibut Tahdzib VIII : 432, Mizanul I’tidal IV : 226

عَنْ سَلْمَانَ قَالَ : قَالَ رَسُوْلُ اللهِ  : مَنْ أَطْعَمَ مَرِيْضًا شَهْوَتَهُ أَطْعَمَهُ اللهُ مِنْ ثِمَارِ الْجَنَّةِ (الطبراني في الكبير 6 : 241)

Katampi ti Salman, anjeunna sasauran : Rosululloh SAW ngadawuh : “Sing saha anu masihan ka nu teu damang tuangeun nu dipikapalayna, Alloh bakal masihan tuangeun ka eta jalma ti antara bungbuahan sawarga”.
H.r. At-Tobroni dina Mu’jam Kabir VI : 241

Dina sanadna aya rowi nu kakasihna Abdurrahman bin Hammad. Saur Abu Hatim : Eta rowi munkarul hadis. Oge aya Abu Kholid, Amr bin Kholid. Eta rowi teh tukang bohong, matruk. Waki’ sasauran : sok malsu hadis. Imam Yahya, imam Ahmad kalih Ad-Daroqutni sasauran : Eta rowi teh tukang bohong. Faidul Qodir VI : 87, Mizanul I’tidal III : 257,Tahdzibut Tahdzib VI : 139

0 komentar:

Posting Komentar